Sunday, January 24, 2010

Anaking jeung ka Incu uing “Sing asak Itungan”

Yeuh barudak anak jeung incu Abah, omat hidep kudu hirup dia itungan. Tong sagawayah mutuskeun hiji kaputusan tanpa dibarengan pertimbangan anu asak. Sabab ceuk paribasa oge ari kaduhung mah moal tiheula, kecuali lamun nungtun domba, kaduhung tiheula da bakal katubruk.


Naha ku naon pangpangna Abah ngomong kieu ka maraneh? Sabab jaman kiwari mah kudu ati-ati. Jalma teh geus sarba kasulitan, jeung kadesek. Nu akhirna gara-gara kadesek eta sagala rupa cara dihalalkeun dibolehkeun. Manusa geus teu ngitung deui kana etika jeung pertimbangan moral. Mun aya jelema bageur ge eta teh kaum minoritas, ngan saeutik jumlahna.


Hidep tong jadi jalma anu polos. Bisi dimanfaatkeun ku batur. Poma aranjeun ge kudu jadi jalma-jama anu mandiri, anu boga kahayang jeung pamadegan sorangan. Tong sakali-kali ngagantungkeun sikap ka batur. Mun enya ge urang ngilu ka batur kudu berdasarkeun parhitungan jeung pertimbangan anu jentre anu jelas. Ulah nepi kabawa ku sakaba-kaba. Mun ceuk bahasa babaturan Abah keur aktif di organisasi mah kudu jadi
jalma kritis. Tong gampang nggeuk mun can jelas duduk masalahna, tong gampang gideug mun can jelas itungannana. Hirup kudu boga sikap, kudu boga perhitungan.


Hidep ge kudu jadi jelema anu boga skill, boga kamampuan. Kudu pinter dina sagala rupa jeung tong pelit ngamalkeun elmu, tong pelit ngabantu batur. Da elmu anu hade mah anu bisa ngarubah, anu bisa ngabantu kana kasusah batur. Anu bisa jadi pituduh keur kahirupan anu leuwih hade.


Tapi omat Abah nitip, mun hidep jadi jalma pinter loba pangaweruh, diajenan ku batur tong jadi adigung adiguna. Tong nepikeun ka agul ku payung butut, asa aing pangpinterna, asa aing panghadena. Da diluhur langit aya langit, diluhur jalma pinter aya anu leuwih pinter. Tong nepikeun hidep dipikangewa karena hidep agul ku elmu jeung kaleuwihan anu lianna.


Hidep hirup kudu jadi lampu, anu bisa nyaangan anu poekeun, kudu bisa nulungan anu susah. Tong nepikeun jadi sampah masyarakat, komo deui jadi tongna mah, leuwih goreng. Hidep kudu jadi cai anu bisa mareman
seuneu, kudu jadi seuneu anu bisa manaskeun anu katirisan. Kudu jadi solusi di tengah masalah.


Ieu pesen ti Abah. Ameh hirup hidep tenang, hiruo hidep bagja. Kacida bagjana jalma anu wajib, jalma anu ayana dibutuhkeun ku balarea, euweuhna diteangan jeung dipikasono ku balarea. cag dugi kadieu heula… anakaing jeung incu Abah….. (sumber: http://muhamad-thorik.blogspot.com)

No comments:

Post a Comment